Lompat ke isi

Adas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Adas
Siki/ésé Adas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
F. vulgare
Ngaran binomial
Foeniculum vulgare

Adas atawa hadés (Foeniculum vulgare Miller) nyaéta hiji tangkal anu diarah sikina pikeun rupa-rupa kagunaan.[1] Ilaharna dipaké bungbu masak jeung ubar, bisa ogé diala minyakna.[2] [1] Adas ku urang Acéh mah disebutna das pedas, di Minangkabau disebutna adeh, manih, urang Jawa nyebutna adas londa, paampas di Manado, denggu-denggu di Gorontalo, adase di Bugis jeung adas di Bali.[1] Adas ngarekahan ku jalan dipelakkeun sikina, jeung bisa ogé dipelak tina sirung anakna.[1][3]


Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Kembang Adas

Tangkal adas bisa hirup di dataran nu luhurna kurang leuwih 1800 m luhureun beungeut cai laut, tangtuna leuwih hadé umpama hirup di wewengkon anu leuwih luhur.[4] Tangkalna ngadapur, unggal dapuran aya kana tilu nepi ka lima tangkalna.[4] Hirupna nahun, jangkungna satengah méter nepi ka dua méter.[4] Kelir tangkalna héjo semu paul, umpama di petik atawa dipencét kaangseu seungit.[4] Daunna maréncos kawas jarum, kelirna kembang konéng ngaranggeuy, unggal ranggeuyan mibanda genep nepi ka sapuluh cupat kembang.[4] Buahna lonyod reregetan, buah ngora kelirna héjo robah kelirna jadi coklat jeung kaambung seungit umpama geus kolot.[4]

Nagara Asal

[édit | édit sumber]
Tangkal jeung daun

Adas téh tatangkalan asli Éropa kalér jeung Asia, ku lantaran loba guna jeung manfaatna tuluy waé loba dipelak di Indonésia, India, Argéntina, Jeung Jepang.[1][4] Diurangmah ngahaja dipelak pikeun bahan bungbu jeung rupa-rupa ubar.[4]

Mangpaat jeung kagunaan

[édit | édit sumber]

Buah adas anu geus kolot tur asak diala tuluy dipoé nepi ka garing, buah adas mibanda rasa semu amis, lada, jeung haneut.[1] Mangpaat anu geus kanyahoan tina buah adas taya lian pikeun ubar bunghak, sebel, kurang segut kana barang dahar, batuk reuhak, hésé saré (insominia), jeung sajabana.[1] daunna ogé bisa dipaké ngubaran batuk, bunghak, hanaang jeung ngaronjatkeun kamampuan panénjo panon.[1] Pikeun ubar inumeun, godog/kulub buah adas kurang leuwih 3-9 gram, atawa dirieus nepi ka lembut, tuluy ditinyuh ku cai ngagolak, di mana geus haneut hareuheuy kakara diinum.[1] Pikeun pamakéan di luar, buah adas beunang moé dirieus nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana bagéan awak anu karasa umpamana raheut, nyeri huntu, sariawan jeung sajabana.[1]

Bahaya anu ditimbulkeun

[édit | édit sumber]

Sagigireun adas loba guna jeung mangpaatna, aya ogé tembahna di mana diinum leuwih tina katangtuan, saperti bisa ngabalukarkeun :

  1. Fotodermatitis taya lian bisa ngabalukarkeun alérgi pikeun saha waé anu henteu kuat, katempo dina kulit bararial kawas anu ararateul umpama katojo ku panon poé.[1]
  2. Kontak dermatitis di mana minyak adas anu kalétak sumawona kateurey matak ngabalukarkeun murel jeung utah-utahan.[1]
  3. Siki adas ngabalukarkeun interaksi jeung ubar séjénna saperti ubar anti-epilepsi.[4] Siki adas malah ngabalukarkeun kejang-kejang.
  4. Thelarche, bijilna pinareup leuwih téréh.[1]
  5. Ngurangan laktasi, lamun seug digunakeun dina jumlah anu loba matak ngurangan cisusu.[1]
  6. Ngaronjatkeun résiko katerap panyakit kangker.[4]
  7. Ngahalangan énzim metabolisme.[5]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 "TANAMAN OBAT di LINGKUNGAN SEKITAR". Niaga Swadaya. Diaksés tanggal 20 April 2017.
  2. ↑ Rigg, Jonathan (1862). Sunda Language. Batavia: Lange & Co. hlm. 3. Diaksés tanggal (disungsi – 12 Januari 2025).
  3. ↑ Damayanti, Dewi (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. hlm. 63. ISBN 9789790061941.
  4. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 "Adas sebagai Obat, sayur, dan bumbu". Kompasiana. Diaksés tanggal 20 April 2017.
  5. ↑ "8 Efek Samping Serius Biji Adas yang Seharusnya Anda Tahu". Perpustakaan Indonesia. Diarsipkeun ti asli tanggal 10 May 2017. Diaksés tanggal 20 April 2017.

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]